Itsme231019

Abdi sok Bingung

Posted on: December 24, 2007

Abdi sok bingung, nahanya dikampung abdi, Kukun, pengajian di masjid tetap berjalan. Dikawitan ti subuh ba’da shalat subuh, teras sore saatos shalat ashar, dugi ka wengi ba’da shalat magrib, tapi para remaja sareng remaji malah bararaong? Janten pangaosan atanapi pangajian seakan-akan teuaya bekasna.

Ah pasti aya nusalah. Abdi gaduh hipotesis atanapi dugaan. faktor-faktor yen pangaosan kahilangan fungsi, kumargi :Pertama, teuaya model. Kadua, sistem pembelajaran anu wungkul nekanken hapalan oger tiasa disebat normatif. Katilu, miskin dukungan timasyarakat.

Anu kahiji persoalan model. model anu dimaksad didieu sanes fashion tentang baju terbaru tapi figur atanapi teladan anu sae. Abdi tangtos ngaraos aneh pisan, jalmi anu sok ngawulang barudak di masjid teh kirang konsisten sareng ucapanana.

Contohnya, ucapanana sering nekanken ulah sok pulang-paling barang batur. eta teh doraka. Tapi dina kahirupan sahari-harina, aya hiji murid anu kabetulan mendakan eta jalmi anu sok ngawulang teh, nyandak sampe ti kebon batur. Akhirna, si murid oge rada bingungen. Dina pikiranana, pasti bertanya, naha ari di masjid, penampilanana manis pisan, tapi diluar masjid, sanes kirang amis deui, pait pisan.

Tangtos wae kondisi eui menimbulkan kesan buruk yen pangaosan teh geningan kitu. Model anu ditampilkeun ku pengajar di masjid teu cocok sareng model anu ditampilkeun di luar masjid. Akhirna si murid ngaraos sia-sia wae ngaos di masjid teh, dah teu aya model anu sae. atos untung muridna kritis, kumaha lamun ninggang ka murid anu resep taklid. bisa-bisa niru kalakuan anu jelekna, soalnya figurna oge jelek.

Kadua, persoalan sistem pengajaran. Sistem pengajaranana bisa disebat terlalu normatif. “lamun maraneh bobogohan, maneh bakal asup kana naraka”. nah sistem pangaosan anu kitu moal menarik, anu aya mah malah nyingsieunan. akhirna, daripada ngaos anu seur singsieunan, para remaja lebih resep kana nonton sinetron atanapi nalongkrong dijalanan. akhirna kan masalah lain maruncul, sapertos pergaulan bebas, bermain narkoba dst.

Anu katilu persoalan miskin dukungan ti masyarakat. maksadna, kamajuan pendidikan oge bergantung  tina sajauhmana dukungan ti masyarakat. dukungan tiasa mangrupi ngajurungken budakna ngaos ka masjid. oge tiasa mangrupi masihan kontribusi pemikiran kumaha supados pangaosan teh efektif sareng efisieun kanggo ngawangung mentalitas remaja anu hebring, kuat dsb. oge tiasa mangrupi dukungan finansial satiasana.

Anu terjadi, justru sebalikna. Masyarakatna cenderung cuek bebek kana widang pendidikan. Boboraah masikan kontribusi finansial atanapi pemikiran, ngajurungkeun budakna oge sigana tara diperhatikeun deui. atanapi tiasa wae ngajurungkeun budakna sina ngaji tapi manehna kalah nonton sinetron, kan teu nyambung.

sigana ngan sakitu bae seratanana. saleureusna abdi teh nuju belajar nuangkeun gagasan kanan tulisan. pami aya anu hoyong bertukar pikiran, atanapi masihan masukan or komentar, mangga dipersilahkeun. haturnuhun pisan

ahmad.

4 Responses to "Abdi sok Bingung"

ass.
kang ahmad
satu kata,
keren pisan.
abdi pas ikut nimbrung ka bloog anjeun kaleresan sareng rencangan abdi, namina Ali.
Ali oge kaleresan ngawulang di madrasah nu aya di pameutingan banjaran.
anjeuna(Ali) pas baca tulisan kang ahmad,
nyengir sareng seserian.
lereus pisan anu di carioskjeun ku kang ahmad.
kayaan dunia per NGAJIAN DI INDONESIA SEPERTI ITU.
tapi insya allah, ali mah kalakuan nana, teu kitu.
bageurrrrrrrr kok budakna, ucapan dengan tindakannya sama.
btw anjeunna oge (Ali) gaduh profesi lein, nyaeta TUKANG NYERENKEUN NU NIKAH.
BERMINAT PLEASE CALL HER TO ME.
Sakitu wae, ti abdi hatur nuhun. ajat

Wassalamu’alaikm Wr, Wb.
4 kang ajat dan kang ali
Kang Ajat, hatur nuhun tos sindang jeung tos masihan masukan kanggo abdi. Salam juga kanggo kang Ali, semoga tetap semangat dan energic dalam mengajarnya. Punten bilih tulisan abdi aya nulucu, itumah hanya sebatas observasi terbatas tentang kondisi pendidikan di lingkungan lokal abdi di kampung. Urang anu kaguh kesadaran bagus, perubahan tiasa dimulai dari diri kita, dan dari hal yang terkecil, jangan tunggu waktu…just let us do the positive thing this time.
nuhun ah kanggo kang ajat dan kang ali

wah,.keren bro site nya..tukeran link dong. ni webku h*tp://www.jeparaexport.co.cc

ayo dong tukeran link. nih webku h*tp://www.jeparaexport.co.cc

Leave a comment